:

Kidung Agung 2

1

Abdi mah mung ukur kembang alas ti Saron, kembang bakung ti lengkob gunung.

2

\it Nonoman:\it* Enung ibarat bakung di rungkun cucuk, pangmencrangna ti para wanoja.

3

\it Wanoja:\it* Dibanding sareng nonoman lian, panutan abdi lir tangkal jeruk di leuweung kakayon. Abdi betah ngiuhan handapeunana, buahna kalintang amisna.

4

Ku anjeunna kuring dicandak kana pestana, diumbul-umbulan ku kageugeutna.

5

Cik pulihkeun bayu kuring ku kismis, segeran ku jeruk, kawantu kuring keur lanjung nandangan wuyung.

6

Sirah kuring disangkeh ku panangan kiwana, panangan tengenna pageuh ngarangkul.

7

Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, sumpah demi uncal anu rikat jeung demi uncal bikang ulah rek ganggu kana kacinta kuring jeung anjeunna.

8

\it Wanoja:\it* Ngeng kadenge gentra panutan, anjeunna eukeur ka dieu, lumpat ngambah pagunungan, ngaluncatan pasir-pasir rek neang kuring.

9

Lumpatna tinanding uncal bikang, rikat lepas kawas uncal jalu. Tuh geus aya luareun kuta, nempo tina kisi-kisi, tembong gurilap socana luareun jandela.

10

Anjeunna ngagentraan ka kuring. \it Nonoman:\it* Ka dieu atuh, enung! Sumping atuh ka engkang, jungjunan!

11

Musim ngijih geus kasilih, musim hujan geus kaliwat.

12

Di tepis wiring kekembangan barareukah, jalma-jalma tinghaleuang; di tegalan tikukur patingarengguk.

13

Buah kondang geus arek arasak, hawa meleber ku seungitna kembang anggur. Ka dieu atuh, enung! Sumping atuh ka engkang, jungjunan!

14

Enung ibarat japati, nu keur nyumput dina gowok batu karang. Engkang hayang neuteup endahna raray enung, hayang nguping sora enung nu halimpu.

15

Urang ngepung ajag, ajag-ajag leutik, bisi ngaruksak pelak anggur urang anu eukeur karembangan.

16

\it Wanoja:\it* Jungjunan kuring teh anu kuring, diri kuring anu anjeunna. Anjeunna ngangon dombana di antara kembang bakung,

17

tugur nepi ka bray beurang, nepi ka poek kasilih ku caang. Geura mulih, panutan, masing rikat kawas uncal bikang, masing gancang lir uncal jalu di pagunungan Beter.

Link: